disebut naon ngalih bahasakeun tina basa deungeun kana basa sunda
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Tarjamahan
Kelas : XII (3 SMA)
Pembahasan :
Ngalih bahasakeun tina basa deungeun kana basa Sunda atawa sabalikna disebut tarjamahahan atawa narjamahkeun. Tarjamahan atawa narjamahkeun teh nyaeta mindahkeun hiji tulisan nu ngagunakeun hiji basa kana tulisan anyar nu ngagunakeun basa lianna nu beda jeung basa tulisan asal. Dina narjamahkeun saeutikna aya dua hal anu perlu diperhatikeun.
Hal kahiji anu kudu diperhatikeun nyaeta yen dina narjamahkeun teh urang kudu "satia". Anu dimaksud satia nyaeta yen dina narjamahkeun teh ulah nepi ka aya kecap atawa kekecapan anu salah ngartikeun atawa jadi salah harti.
Hal kadua anu kudu diperhatikeun dina narjamahkeun nyaeta yen hiji tulisan teh biasana mangrupa karya tulis anu miboga unsur sastra, kukituna dina narjamahkeun teh urang kudu bisa mindahkeun "kaendahan" sastra anu aya dina tulisan asal kana tulisan anu anyarna.