mobok manggih gorowong
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Mobok manggih gorowong nyaeta hiji paribasa anu hartina nyaeta meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang. Paribasa nyaeta salahsahiji rupa tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan anu miboga susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge.
Pembahasan
Anu kaasup pakeman basa nyaeta paribasa, babasan, cacandran, pamali jeung kila-kila. Kadang-kadang paribasa sok pahili jeung babasa. Biasana babasan mah parondol, ngan saukur dua kecap. Sedengkeun ari paribasa mah biasana leuwih ti dua kecap.
Dina basa Sunda aya oge paribasa anu rek sarua hartina jeung paribasa mobok manggih gorowong, nyaeta paribasa aya jalan komo meuntas anu hartina nyaeta aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
Pelajari lebih lanjut
1. Arti dan contoh pakeman basa https://brainly.co.id/tugas/1262529
2. Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
3. Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12436631
Detil Jawaban
Kelas : IX
Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Bab : 3
Kode : 9.13.3
Kata Kunci : Paribasa, Mobok manggih gorowong, pakeman basa, aya jalan komo meuntas