Harti tina kalimah patepung lawung paamprok jonghok Ke dalam bahasa sunda Mohon bantuannya
B. Daerah
winaaaaaaaaaaara
Pertanyaan
Harti tina kalimah patepung lawung paamprok jonghok
Ke dalam bahasa sunda
Mohon bantuannya
Ke dalam bahasa sunda
Mohon bantuannya
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Bahasan Pakeman Basa
Kelas : XI (2 SMA)
Pembahasan :
Kalimah "patepung lawung paamprok jonghok" mangrupa mamanis basa anu hartina papanggih (kasar) atawa patepang (lemes). Dina sawatara mamanis basa atawa gaya basa sok aya anu kecap-kecapna murwakanti atawa miboga purwakanti. Purwakanti nyaeta padeukeutna sora antar kecap-kecap anu aya dina hiji kalimah atawa kekecapan. Saperti kecap "patepung" anu murwakanti jeung kecap "lawung" jeung kecap "paamprok" anu murwakanti jeung kecap "jonghok".
Sabenerna kecap "patepung lawung" jeung "paamprok jonghok" teh sarua hartina nyaeta papanggih atawa patepang. Tapi kusabab eta kekecapan teh miboga purwakanti, eta kekecapan teh jadi mamanis basa anu alus kadengena. Conto mamanis basa lianna anu murwakanti saperti mamanis basa "patepung lawung paamprok jonghok" nyaeta saperti mamanis basa "jauh dijugjug anggang diteang". Kecap " jauh dijugjug" jeung kecap "anggang diteang" hartina sarua nyaeta didatangan.