Nurutkeun hidep, naon sababna panata acara kudu apal kana sagemblengna acara anu rek di laksanakeun?
B. Daerah
boedaxshundaAsli
Pertanyaan
Nurutkeun hidep, naon sababna panata acara kudu apal kana sagemblengna acara anu rek di laksanakeun?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Girang Acara
Kelas : IX (3 SMP)
Pembahasan :
Panata acara teh nyaeta jalma anu ngatur jeung mingpin jalanna hiji acara. Panata acara miboga tugas pikeun ngatur susunan hiji acara jeung mingpin atawa ngiringkeun jalanna hiji acara, ti mimiti bubuka nepi ka panutup acara. Dina istilah anu geus umum, panata acara teh sok disebut oge MC (Master of Ceremony).
Ku kituna, panata acara teh miboga tugas anu penting dina lancar jeung suksesna hiji acara. Panata acara jeung panumbu catur (moderator) kaasup kana profesi anu disebut oge girang acara.
Aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun ku panata acara dina ngatur jeung mingpin jalanna hiji acara, sangkan hiji acara bisa lancar jeung sukses. Hal anu perlu diperhatikeun diantarana nyaeta pasemon panata acara kudu gumbira jeung someah, pilihan kekecapan anu merenah, lentong atawa luhur handapna sora anu pas, sarta lafal atawa bentesna sora oge kudu merenah.
Pasemon anu gumbira jeung someah, pilihan kekecapan anu merenah, lentong anu pas, sarta lafal anu merenah dina waktu nyarita bisa dilakukeun sacara maksimal ku saurang panata acara umpama eta panata acara teh apal kana sagemblengna acara anu rek di laksanakeun.
Umpama panata acara henteu apal kana sagemblengna acara anu rek di laksanakeun, tangtu moal bisa sacara maksimal ngalakukeun hal-hal anu disebutkeun di luhur, malah anu aya eta panata acara teh arap-ap-eureup-eup dina nyaritana, anu tangtu eta bisa ngamatakkeun acara jadi henteu lancar atawa henteu sukses.