jieun kalimah anu ngandung kecap kecap ieu di handap bulan maturan kuring, 2. bentang lapang 3. turun ka handap 4. tanah satapak peucang 6. ibarat cai dina daun
B. Daerah
aafajar360fajar
Pertanyaan
jieun kalimah anu ngandung kecap kecap ieu di handap bulan maturan kuring, 2. bentang lapang 3. turun ka handap 4. tanah satapak peucang 6. ibarat cai dina daun taleus 7. maju ka hareup 8.asa karagragan bulan 9.ceurik getih. 10. bentang kelas
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nu perlu diperhatikeun dina nyieun kalimah nyaeta ragam basa nu digunakeun kudu merenah. Dina Tatakrama Basa Sunda, atawa anu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma.
Pembahasan
Dina basa Sunda, aya kecap nu ngan bisa dilarapkeun dina ragam basa hormat / lemes wungkul, atawa dina ragam basa loma wungkul, atawa aya oge nu bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat / lemes boh dina ragam basa loma. Di handap ieu nyaeta conto kalimah nu ngagunakeun kekecapan di luhur dina ragam basa nu merenah:
- Bulan maturan kuring. Peuting tadi teh kacida tirisna hawa di Puncak tapi hate ngarasa bungah sabab bulan maturan kuring nu keur sorangan .
- Bentang lapang. Dina kasabelasan kacamatn mah Jang Dedi teh sok disebut bentang lapang sabab maen balna alus pisan.
- Turun ka handap. Jang, gancang turun ka handap lamun hayang dahar mah.
- Tanah satapak peucang. Sanajan ngan boga tanah satapak peucang ku hidep teh kudu disukuran sabab eta teh titinggal kolot.
- Ibarat cai dina daun taleus. Mapatahan ka Jang Dadi mah ibarat cai dina daun taleus moal nerap .
- Maju ka hareup. Bud, cing eta parkir mobil teh rada maju ka hareup supaya teu ngahalangan panto.
- Asa karagragan bulan. Keur kuring mah dibere mobil urut oge asa karagragan bulan.
- Ceurik getih. Sanajan nepi ka ceurik getih oge angger moal bisa ditulungan da geus kitu aturanana .
- Bentang kelas. Amir teh unggal taun sok jadi bentang kelas wae .
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : III
Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Bab : 8
Kode : 3.13.8
Kata Kunci : Nyieun kalimah