B. Daerah

Pertanyaan

saha nu teu apal ka dirina sagala rupana ge di caritakeun perdis we menak jinggo abong jalma

1 Jawaban

  • Pikeun ngajawab pananya anu diluhur, kalimah salengkepna nyaeta "Saha nu teu apal ka dirina sagala rupana ge di caritakeun persis we menak jinggo abong jalma agul ku payung butut". Jawaban pikeun pananya di luhur nyaeta paribasa Sunda "agul ku payung butut" anu hartina agul ku turunan atawa kulawarga sorangan.

    Jalma anu disebut "agul ku payung butut" mah pagaweanna teh ngan ngomongkeun yen manehna teh katurunan jalma gede, saperti katurunan menak atawa jalma anu beunghar. Paribasa teh mangrupa salahsahiji pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kekecapan atawa kalimah anu miboga susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge.


    Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman Basa

    Kelas : IX (3 SMP)

    Kata Kunci : Agul ku payung butut, paribasa Sunda

Pertanyaan Lainnya